Kata Kata Sunda


Kata Kata Sunda


Baca Juga : Kata Kata Cinta Bahasa Sunda dan Kata Kata Lucu Sunda

Dunya teh tempat urang pepelakan sedengkeun akherat tempat urang manen naon anu di pelak salila di alamdunya

Melak jagong moal jadi bonteng, nyakitu deui melak bonteng moal jadi jagong

Salametkeun diri tina kamiskinan jeung kafakiran ku jalan qona'at (ngalap cukup kunu aya)

Tong ereun neangan elmu salagi roh napel dina diri, Sabab hirupna jalma aya dina akalna

Akhlak anu mulia jadi gambaran kana bersihna hate, akhlak anu goreng nandakeun kotorna eusi hate

Lamun eweuh jalma nu ngahargaan kana diri anjeun, maka hargaan diri anjeun ku diri anjeun ku jalan nembongkeun akhlak anu mulya tur manfaat pikeun salarea.

Can pernah kacaritakeun aya rizki pahili, sing sabar bari di barengan ku tawakal ka Alloh Swt da mun gs nincak dina waktuna mah perkara nu hese jd gampang

Hiji jalma can bisa di sebut jalma lamunmah akal sehat masih di kendalikeun keneh ku nafsu. Kendalikeun nafsu ku akal sehat anjeun sabab akal sehat anu aya dina diri manusia mangrupakeun ciri nu matak ngabedakeun antara manusia jeung sato

Jadikeun kahirupan di alam dunia kaya-kaya keur ngumbara atawa ngaliwat dina hiji jalan

Ulah embung di sebut bodo, ulah embung disebut sahandapeun

Sanajan teu lumpat, tapi ulah cicing

Lamun hayang maju, ulah ereun mikir

Ulah nyalahkeun batur kana perkara nu tumiba kadiri, sabab sagala anu tumiba kadiri gara-gara diri

Rasa diri hayang di pikarunya ku batur, mangrupakeun salah sahiji polah nu matak ngahinakeun kana diri

Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, Tapi kudu leumpang dina kudu jeung kudu ereun dina ulah

Sagede-gedena jalan Syare'at, ulah matak ngurangan diri kana tawakal ka Allah

Ulah ereun neangan sobat, sabab sarebu sobat saeutik teuing jeung hiji musuh loba teuing

0 Response to "Kata Kata Sunda"

Post a Comment